Sagari Juni 2010

Angkara

Leuweung Sagari

Juni 2010 tepung bulan ti mei ka bulan juni, ti wanci sore tepi ka dur subuh hujan ngagebret teu eureun-eureun, gelap ting gurilap, guludug pasusul-susul, siga ambek ka pangesi lembur, lembur nyingkur nu biasa tentrem adem ayeuna jadi te tentrem rahayat waswas, nyaah ka banda jeng ka raga. Teu geunah cicing, ras inget ka balong nu nang melakan ras inget ka sawah nu tas di gemuk, lah palid meureun lauk nu di nyaah-nyaah ker ke jaga anak ek datang, lah palid meureun gemuk nu ges di tebarken, lah ka keueum meureun pare nu karek harejo, lah rempag meureun galeng munhujan teu eureun-eureun, kitu jigana geureunteus hate sewang-sewangan pangesi lembur waktu harita.

Bari munajat kanu kawasa nun gusti, sing di tangtayungan sadaya pangesi lembur sing di tentremken, di pangjagaken dipangnyinglarken tina sagala angkara jeng bencana, da sadaya kagungan gusti, harta, banda, jiwa jeung raga sadayana oge kagungan gusti, nyungken sing eureun ieu hujan, nyungken sing tengtrem dei ie kaayaan kitu sabagian warga marunajat ka gusti bari dalikir, nyungken pi tulung tinu kawasa.

Rep TV di pareman te lami parem gening listrik oge, beki sien beki waswas ku kaayaan ngan pasrah tur tumarima nu bias di lakuken, sora sasatoan nu biasa ngesian simpena peting lir ilang di telan bumi simpe sakabeh sato, simpe oge pangesi lembur anteng dina sawangan jeng doa sewang-sewangan.

Tunduh nu biasa datang ilang ayena ku kaayaan ngan waswas nu karandapan sien-jeng sieun aya ka jadian nu datang tedi harepken. Nunggu waktu nu te tangtu neang beja nu te aya ngan sora hujan jeng guludug nu nembalan. Te karasa bakat ku anteng hujan eureun te apal waktuna teu lila ngong sora adzan subuh ngagudigken nu sare bari te karasa.

Banjir SagariJung mangkat kacai nyiar wudu, terus ka masjid berjamaah solat subuh bari ngumpul di masjid neang beja aya naon di ieu lembur. Ray-ray panon poe mulai nembongan, ting kalacat muru ka sisi cai ningali kaayaan di leubak ras ninggali taneh beureum nutupan walungan walah urug gening, ras ka balong mana balong ayena te katingali nu aya jiga situ ngahiji kalimpas ku cai, walah ie kumaha, bari ting gorowok ngumpulken batur ningali kana banda sewang sewangan, ti lembur hilir beja ges nepi sarua urug nutupan walungan, saruan balong jadi hiji, lauk nu di pelak nu di piara dinyaah-nyaah ayena teapal aya dimana da te puguh mana balongna.

Tas beja ti gunung layang, gawir rempag nutupan sawah, sawah ka banjiran, binih pare nu karek dipelak di gemuk limpas ka tutup cai, jol beja ti nu lain bendungan cekdam jebol, nyeret ka pilemburan di handapna, ngarusak ka sakur nu kaliwatan. Sakola karendem, imah ka banjiran kitu beja nu katarima, jalan putus te bisa diliwatan, rahayat tagiwur ninggali ieu kaayaan.

Mun di tafakuran aya naon gening musibah nu biasa ngan ukur beja atawa aya dina berita, ayaena nepi ka ie lembur, ngabukbak katentreman desa, kunaon atuh ieteh atawa jama di lembur ayena ges jiga di kota, te peduli kasasama tedaek silih elingan, alus georeng kuma dinya nu penting te ganggu ka aing kitu jigana.

Mudah-mudahan ieu ukur pepeling sangkan urang langkung eling, dunya nu disiar, poho kana sagala, boro-boro inget kanu kawasa ayena limpas ngan ukur ku hujan sapeting, ya alloh ya robbi hampura sagala dosa, hampura  kana lampah nu ninggang kana salah.